WELCOME TO MY BLOG

Lakukanlah segala apa pun dengan rasa tulus ikhlas dan kejujuran

About Me

Yunizar Suwandhana
Bandung, Jawa Barat, Indonesia
Seorang yang lahir dari pasangan Andi Suwanda, S.Pd dan Yati Suryati ini dilahirkan di Cimahi, 1 Juni 1992 . Saya sedang mencoba mencari jati diri dan memulai membangun sebuah istana kedewasaan hati mulia yang membangun kecerahan kedepannya . "MAN JADDA WAA JADA"
Lihat profil lengkapku

Statisitk

Search Engine

Gombalers

Mama kamu ngidam hansaplast ya? soalnya kamu telah menutup luka dihatiku hahahaha
RSS

Jurus - Jurus Pencak Silat

A. Gerakan-gerakan Dasar

1. Rupa-rupa Tonjokan :
> Tonjok Rodon
> Bandul
> Tonjok Menpo
> Warugu Mekar
> Tonjok Jamparing Lepas
> Mapag Angin
> Tonjok Kembar
> Nadah Hujan
> Jongjolong Notog
> Catok
> Neunggar Cadas
> Kepeng
> Ngabentur Karang
> Jebug
> Panggal
> Jebug Sabrang
> Panggal Muih
> Jebug Tilu
> Bandring
> Kelig

2. Rupa-rupa Tangkisan :
> Tangkisan Jero
> Gunting Luhur
> Tangkisan Luar
> Gunting Handap
> Tangkisan Luhur
> Sedet Miceun
> Suliwa
> Kelid
> Gajah Meta
> Benteng

3. Rupa-rupa Tajongan :
> Tajong Batu
> Kalakay Nyangsang
> Tajong Pasir
> Gunting
> Tejeh Kuda Beger
> Gugur Gunung
> Kalakay Murag

B. Jurus Pasangan

Jumlahna aya 33 pasangan bubuka. Lamun disusun ti hiji ka salapan bisa ngajadi Jurus bubuka (pasangan), nyakitu deui ti sapuluh nepika dalapan welas, ti salapan welas nepi duapuluh tujuh, ti duapuluh dalapan nepi ka tilupuluh tilu. Jurus Bubuka teh nyaeta sikep mimiti pikeun ngajorag lawan anu tangtu loba cara pikeun ngarobah bubuka tea. Lolobana di Santika mah aya oge sikep anu muka, tapi eta oge ngan sakadar pamancing panarajang, kudu buru-buru dirapetkeun jeung awak. Sedengkeun sikep bubuka anu nutup pikeun nahan panarajang lawan.

Jurus bubuka bisa keur nahan panarajang, tapi nu penting keur muka panarajang urang ka lawan. Dina ngalakukeun jurus bubuka kade kuda-kuda anu panceg naha beurat ka tukang atawa ka hareup eta mah atur kumaha perluna bae, bari nempo kana sikep lawan. Dina sikep kuda-kuda tangtu kudu anu babari nyingcet nyingkahan atawa nakis panarajang musuh tapi ulah sakadar nyingcet tapi kudu malik ngabales singketna bari nyingcet tapi kudu malik ngabales narajang ka musuh. Ulah sakadar nyingcet bari ngantep musuh laluasa narajang urang.

Ku jurus bubuka lamun ditarajang urang bisa :

Nyinglar (nyingcet) bari males, nyiku, ngababuk

Nakis bari neke kana naon bae anu deukeut, neke persendian

Newak bari motongkeun atawa ngarojok beuheung

Ngabanting atawa ngabalangkeun bari nijek

Ngaragragkeun bari ngagebug hulu angen

Ngonci bari ngarikeskeun

Jurus bubuka lamun dipake narajang kudu keuna kana sasaran anu mamatihna, supaya lawan teu bisa budi deui. Lamun nonjok ulah balik polos tapi kudu barang bawa atawa ngarawel kana naon anu deukeut, lamun najong kudu disusul ku tonjokan anu tarik, jeblag mapag angin atawa jeblag waregu mekar.

Singketna dina penca mah aya dua perkara nyaeta :

Ngabela diri (nyinglar)

Narajang (ngatur panarajang)

Anu ditulis diluhur tadi eta sakadar aturan lamun rekdipake gelut, tapi apan kacida gorengna lamun tujuanana ka dinya. Ari anu dimaksud mah nyaeta ngajadikeun bangsa urang supaya loba pangaweruh jeng ngajadikeun hiji sikep anu sehat, percaya diri, iman/taqwa. Sakaligus kudu bisa nepikeun naon jati diri anu aya dina Penca, nyaeta jujur jeung nyaho kana sagala aturan-aturanna.

Pangaweruh Penca anu perlu dipibanda :

Kudu jujur sabab ieu apan gimnastik jeung boga jiwa satria

Kudu bisa ngandalian diri, gotong royong jeung taat

Saterusna geus diterangkeun dina catetan nu baheula jurus bubuka anu tilu puluh tilu tea, nyaeta:

Pasang Alif, Alif muka, Caladi, Maung Ocon, Hap-hap, Munding Rongga, Celeng Mogok, Puyuh, Dadali

Pasang Sero, Pasang Belut, Cula Badak, Maung Lugay, Buaya Ngangsar, Tampele Meped, Tapak Jalak, Lancah Maung, Sireum Kararangge

Pasang Tulak Panto, Bueuk Mabuk, Jalak Pengkor, Bendungan Karang, Galatik Manggut, Parahu Oleng, Ombak leutik, Uncal Mabur, Simeut Gobang

Maung Ranggah, Hap-hap pindah, Banteng Wulung, Muncang Gindi, Tapak Liman, Paksi Muih.

Ulin Tapak Sancang (Kolecer Muih)

Pasang, Kuda-kuda Panceg, Kolecer, Tamplok (2 kali), Alif

Sero Nanggeuy, Mapag Angin, Nanggeuy Mayit, Alif

Gunting, Ketig, Jalak Pengkor, Penggal Muih, Alif

Engkang-engkang, Tajong Batu, Timbris, Tunjel, Nanggeuy, Alif

Siku Jebug, Giles, Sodok, Sero Nawu, Alif

Tonjok Rondon, Bandul, Piceun, Cula Badak, Alif

Rocet, Babuk Lalay, Ngrawel Loa, Potong Tunggal, Alif

Monyet Ngemil, Oray Mentas, Rojok (Jalak Pengkor), Alif

Tapak Sancang, Lodaya, Cabok Maung, Cakar Tutul, Alif.

Ulin Maung lugay

Bubuka : Adeg-adeg (kuda-kuda ½ serong), Alip muka, Sentak Badak, Kelid Kenca (tangkisan), Potong Pisang Punggel, Pasangan Caladi Noktrok

Maung Ocon, Sentak Badak, Maung Meungpeuk, Maung Nyuay, Jongjolang Notog Kenca Katuhu

Maung Lugay Katuhu, Maung Lugay Kenca, Giwar Katuhu, Nyiku, Jebug Sabrang

Pasangan Caladi Noktrok, Gunting Langit, Tangkisan Handap, Merak Ngibing

Pasangan Maung Ocon, Maung Gigisik, Sentak Badak

Pasangan Maung Ocon, Tangkisan Gunting, Buaya Ngangsar, Monyet Maledog Pakel

Pasangan Sero, Teundeut, Kalakay Murag, Waregu Mekar

Pasangan Sero, Kiprat, Tampele Meped, Sero Mubus (Panggal Muih)

Pasangan Alif, Ulin Cikaret, Gebrig, Alif.

Ulin Kesik Pasisir (Belut)

Pasang Belut, Ngelok, Belut, Jeblag, Bandul

Tarik, Rocet, Tangkis 2, Rocet, Teteg

Mayang Kanginan 2x, Belut, Tapak Sancang, Rocet, Tonjok Kembar

Belut Nyantok, Pasang Tibalik, Tarik, Belut, Rocet, Gorentel Monyet, Cula Badak

Kesik Pasisir, Buka 2x, Perep 2x, Kaki Rempe Kembar Maju

Pasang, Narik Layar, Usik, Sodok, Tarik

Gunting, Geser, Macan Tutul, Tarik, Dagor, Jalak Pengkor, Tunjel Kuda Beger

Pasang, Puyuh Muih, Panggal Muih, Rocet, Tendeut

Pasang, Lempah 2x (ngintip), Gebrig, Piceun, Piceun, Susul Tepus.

Ulin Ngaraga Sukma

Pasangan Maung Ocon, Ulin Cai, Ketigan Jebug, Sodokan Handap, Tampele Meped

Pasangan Alip Muka, Capit Urang, Monyet Ngemil, Sero Mubus

Pasangan Sero, Gunting Kacip, Parahu Nyasar, Nenggar Cadas

Maung Nagog, Kalakay Nyangsang, Maung Nafsu

Jurus Pucuk Awi, Gurat Tanah, Kandang Wesi

Jurus Lancah Maung, Puspa Raga

Gugur Gunung, Celeng Nagog

Ngabentur Karang

Alip Muka.

Ulin Balung wesi

Pasang Tapak Jalak, Jalak Muih, Benteng, Tangkisan Jero, Deudel, Tonjok Rodon, Tonjok Menpo

Pasang Tapak Jalak, Hap-hap, Gajah Meta, Gunting Handap, Jeblag Warugu, Ketig, Tonjok Menpo

Pasang Hap-hap, Kelid, Tamplok Kenca, Tomplok Katuhu, Maung Ocon, Caladi Noktrok, Pasang Caladi

Pasang Maung Ocon, Giles Cikalong, Jeblag Warugu, Tajong Batu, Tonjok Kembar, Bandring, Tonjok Menpo

Pasang Tulak Panto, Jebug Sabrang, Maung Ocon, Sero Ngacak, Gunting Luhur, Keupeng, Tunjel, Jebug

Pasang Alif, Leungit, Nanggeuy, Tulak Panto, Tangkisan Luhur, Suliwa, Tejeh, Penggal Muih, Tonjok Menpo

Pasang Puyuh, Buaya Ngangsar, Sedet, Gebrig, Manung Nagog, Jebug Telu, Tonjok Menpo

Tajong Batu, Pasang Sero Malik, Julang Ngapak, Suliwa, Pasang Puyuh, Caladi Malik

Pasang Sireum, Sireum Lumpat, Miceun Bulan, Nyungsep, Kolecer Muih, Mapag Angin, Tonjok Menpo Kembar.

Ulin Kandang Wesi

Benteng Pameungpeuk, Pasang Lodaya, Ngajul Langit, Panggal Muih (kenca katuhu), Maung Usik (kenca katuhu)

Maung Usik, Tonjok Jamparing (kenca katuhu), Panggal Muih, Hap-hap handap, Ngabentur Karang, Guntingan Wesi, Pasang Caladi

Tonjok Jamparing Leupas, Potong Tunggal, Kepret, Belut, Pasang Lodaya, Hap-hap pindah

Badak Cihea, Bangbara, Tendeut, Sero Ngacak, Merak Ngibing, Suliwa Jengke, malik Tonjong Batu (Pasang Lodaya)

Maung Ranggah nilep, Ngoet, Ketig, Rojokan Dasar

Jeblag Munadi, Guntingan Wesi, Tonjok Kembar, Miceun, Giles, Pepeg Tunggal, Caladi

Kolecer Meped, Tendeut, Jebug Sabrang,Gunting Kacip, Sireum Lumpat, Babuk Lalay, Pasang Lodaya

Giles Cikalong, Angin Puyuh, Potong, Sedet Miceun, Nyiku, Catok Gado, Hap-hap

Pasang Alif Muka, Ngabentur Karang, Muncang Gindi, Tunjel, Bantingan Gajah Meta, Tapak Liman, Alif.


Jurus Nafas Asy-Syifa

Ieu jurus ngan tina pangalaman wungkul, jadi lamun dasarna pangaweruh elmu mah can katepi, estuning kamurahan ti nu Maha Wawasa wungkul.

Saperti jurus Syifa eta teh keur kasehatan jasmani jeung rohani, tapi ari secara pangaweruh elmu mah can kapesek sugan engke mah ku barudak turunan urang bisa dihartikeun anu leuwih jembar.

Jurus ka 1 :

Leungeun pasangkeun ka hareup duanana, dampalna tangkubkeun

Tarik kana palebah cangkeng sarta dampalna tangkarakeun (sedot nafas)

Dorong ka hareup, dampalna jiga waregu mekar sarta nafasna kaluarkeun.

Cara pasang kuda-kuda, suku katuhu ka hareup, terus kenca bari maju salapan lengkah terus malik pikeun jurus anu ka 2, ka 3 jeung saterusna.

Jurus ka 2 :

Leungeun pasangkeun ka hareup duanana dampalna nangkub

Duanana gerakeun kagigir (sedot nafas)

Duanana gerakeun ka tengah palebah bujal (nafas kaluarkeun).

Jurus ka 3 :

Leungeun pasangkeun ka hareup duanana dampalna nankub

Duanana gerakeun ka gigir (sedot nafas)

Gerakeun duanana ka tengah palebah bujal bari di tumpangkeun nu katuhu diluhureun kenca siga tanda perboden.

Jurus ka 4 :

Leungeun pasangkeun ka hareup duanan dampalna nagkub

Tarik duanana ka gigir sajajar jeung taktak (sedot nafas)

Angkat duanana nepi ka palebah jejebir dampalna lempeng ka hareup (nafas dikaluarkeun).

Jurus ka 5 :

Leungeun pasangkeun ka hareup duanana dampalna nangkub

Gerakeun duanana ka gigir jauh tina cangkeng dua kali

Nafasna di piceun palebah bujal.

Jurus ka 6 :

Leungeun pasangkeun ka hareup duanana, dampalna nangkub

Tarik ka palebah dada, dampalna nyanghareup kana dada

Dorong ka hareup (kawas mapag angin) nafasna dipiceun.

Jurus ka 7 :

Leungeun pasangkeun kahareup duanana, dampalna nangkub

Tarik ka palebah taktak, ramona nyanghareup ka tukang

Angkat ka palebah jejebir (nafas kaluarkeun) terus ka hareupkeun deui.

Jurus ka 8 :

Leungeun pasangkeun kahareup duanana, dampalna nangkub

Tarik ka gigir sajajar jeung taktak (sedot nafas)

Siku tarik ka palebah dada (nafas kaluarkeun).

Jurus ka 9 :

Leungeun pasangkeun kahareup duanana, dampalna nangkub

Tarik ka gigir terus puter-puter dua kali (sedot nafas)

Dampalna tarik ka palebah dada (siga pasangan alif tapi teu antel) nafas dikaluarkeun.

Jurus Hawa Asma'ul Husna

Dzikir Asma'ul husna ngarupakeun ibadah ka Alloh SWT ku nyebut asmaNa, lain menta kadigjayaan atawa kakuatan kawadukan.
Naha make dihubungkeun jeung penca nu disebut jurus hawa ?, sajarahna mah barudak urang kampung atawa jajakana lamun tas ti laut atawa ngagarap sawah atawa ngebon dina sabada diajar ngaji di tajug sok sing dalimbung teu puguh ngobrol ngaler ngidul teu puguh juntrungna bari arudud daun kawung, bari diharudung sarung anu geus bau lalay badot.

Nya kuring ngajak barudak tamba sare sore-sore ngayakeun kamonesan gymnastik ceuk basa walanda mah, nyaeta olah salira penca anu make hawa. Tapi ngan aya pamentana nyaeta kudu apal heula Asma'ul husna anu jumlahna 99. Ari dileukeunan mah Alhamdulillah dzikirna katedunan, pencana kalaksanakeun. Ibadahna kalakonan, sehatna dijalankeun.

Tangtu moal apal saharita, nya kapaksa kudu ditungtut. Asma'ul husna anu 99 teh dibagi 9 bagian, tiap bagian jumlahna 11. Ari prak-prakanana nyokot tina aksara hijaiyah tea nyaeta alif (ª ), ba (² ), ta (µ ) jeung saterusna. Contona jurus hawa nu ka hiji aya 11 jurus nyaeta:

Diajar jurus hawa bari muji jenengan Alloh anu sae, nu dimaksud sangkan eling salawasna ka nu nyiptakeun murbeng alam. Ieu jurus diolah make hawa, nyedot hawa tina irung dikaluarken tina sungut. Setiap olahan gerak tarik hawana, lamun olahan dipiceun hawa oge piceun (itungan hiji tarik hawa, itungan dua piceun dst).

Ari anu hade mah make olahan gymnastik anu lemes, leuleus tur teu pegat, jadi nyambung terus teu digandet-gandet.

Lamun rek disurupkeun kana golempang meureun kudu dipiceun olahan anu no. 2 dst. Lamun tea mah ieu jurus ka hiji tea dikendangan atawa dikacapian pek bae, ngarah genah karasana asup kana sumsum balung ngahiji jeung lelembutan. Sabab ari urang sunda mun ngadenge kendang penca ari nu geus bisa mah sok nyorodcod tuur hayang gajleng bae ngengklak makalangan. Tapi kade ari rek jurus hawa wungkul mah teu meunang dirobah saeutik oge.

Pamustunganana ieu jurus teh bisa dipake :

hususna jurus hawa lemes atawa heuras

dipake jurus maenpo/penca

bisa dipake ibingan

Tinggal urang anu niat ngarobah nyaeta nu ka 2 jeung ka 3, ari nu ka 1 mah pan teu meunang dirobah. Robahan eta dumasar kana perluna bae nu penting kudu make 4P; Polo-Pola-Palu-Paku ringkesna make otak, rencana, kakuatan jeung pamageuh kakulawargaan (babarayaan).

Lamun ku urang dilenyepan ieu olahan jurus teh pohara euyeub ku gerakan-gerakan anu ngagunakeun leungeun. Kulantaran kitu perlu ditalungtik jeung dimekarkeun, hususna perkara olahan leungeun nu rnangrupa takisan, tonjokan, newak, mepeg, nyolok jeung diles. Jadi loba pulunganeun pikeun jurus maenpo atawa ulin lainna. Bisa oge ngarupakeun jurus dasar penca husus anu ngolah perkara leungeun.

Misalna jurus ka 1 bisa dihijikeun jeung ka 4. Terus ulah poho itunganana naha rek 4 atawa 5, cokot nu ringkesna wungkul, sabab ieu jurus make tanaga sabab di pake maenpo (penca), ari hawana bisa diatur kumaha perluna bae (1 gerak 1 hawa, 2 gerak 1 hawa). Ari 4 gerak sahawa mah beurat teuing, nu wajar bae tapi mangfaat teu ngarusak awak. Baranghakan oge ari wareg teuing mah kamerkaan.

Lamun keur ibingan, jurus nu meunang dihijikeun tea bisa dirobah sangkan ninggang kana goong, ku nambahan olahan gerak, contona gerakan dampal leungeun anu nangkuban bisa ditangkarakeun terus diayunkeun, dikeupeulkeun kakara ditonjokeun jeung sajabana. Anu itungan 4 tangtu merenah jeung tepak tilu, anu itungan 5 etamah merenah jeung paleredan.

Pek reka tapi teu leupas tina dasarna. Ayeuna anu teu kurang pentingna nyaeta cokor anu ngatur lengkah. Jadi antara cokor jeung leungeun lir ibarat gula jeung peueut. Cokor dina maenpo mah kudu depek, beurat awak jadi ukuran pancegna gerakan-gerakan "MAENPO". Bisa beurat ka hareup atawa ka tukang, eta mah kumaha kaayaan gerakan, contona lamun nonjok tangtu awak beurat ka hareup piraku beurat ka tukang mah, tapi bisa oge lamun rek nonjok ngawahan heula beurat ka tukang, waktu rek tonjok pindahkeun jadi beurat ka hareup, ka tukang hampang.

Tangtu geus diajar meureun tina jurus gantung/timbangan, eta teh taya lian keur ngalatih kasaimbangan awak ngatur hampang jeung beuratna awak, mana cokorna digantungkeun sabeulah samemeh ngalengkah.

Ngado'a atawa dzikir, sakali deui eta mah ibadah. Sabab dzikir mah dzikir, penca mah penca. Jadi ulah aya anggapan jurus ieu dzikirna ieu. Tadi oge ngarah apal make cara dina penca. Kajadian anu kapanggih saenggeus papada kolot, pernah nanya naha apal keneh jurus teh ?, nya saeluk mah aya keneh lolobana lebeng poho deui tapi alhamdulillah ari dzikirna mah napel nepi ka ayeuna pisan masih keneh didawamkeun sabada sholat. Kasangtukangna ngajadikeun para baraya sakabeh jeung barudak ngora anu nguatkeun agamaNa, ngagungkeunaNa jeung muji ka Alloh SWT beurang peuting kalawan nyebut Asma Alloh anu sae.

Eta cenah teu genah leuleus mah, meunang make olahan heuras oge, tapi kudu make tanaga. Hawana dua itungan, hartina dua olahan sahawa, gumantung kana kuatna nahan hawa bisa tilu olahan sahawa, opat olahan sahawa, lima olahan sahawa dst, menang olahan dipegat-pegat. Balukarna lamun make tanaga di jurus hawa tangtu tereh cape.

Lamun make olah lemes, leuleus siga teu make tanaga, dumasar kana pangalaman kolot, boga pangaruh kana bayah, teu boga panyakit eungap. Pek bae cobaan ku arandika jeung baraya urang.

Ari make gerakan (olahan) heuras mah pantes keur barudak ngora nu benteng resep maenpo/penca. Dumasar pangalaman oge, awakna jadi paregel, ngeusi sarta cangker, rancingeus, gede wawanen kana bener, polona encer, perbawana sabar tawekal, komo dibarengan ku ibadah ku ibadah nu lima waktu kalawan khusyu.

Pikeun umumna kolot-kolot jaman walanda baheula, lamun diajar penca atawa maenpo teu make seni nyaeta make kendang penca asana saperti ngangeun teu diuyahan tiis karasana. Meunang ditabeuhan ku kendang penca sing ninggang kana wirahma nyaeta ahirna nincak kana goong. Lamun tea mah dina jurus hawa rek dikendangan tangtu loba olahan anu perlu ditambah atawa aya oge anu perlu dipiceun, tapi ulah miceun pokona, nu dipiceun mah dogdog pangrewongna wungkul.

Ieu mah sakadar contona : dina jurus ka hiji, olahan anu ka 1 lamun make hawa boga tilu itungan, tempo gambarna.

Jurus Nafas Pangapungan

Samemeh ngalaksanakeun jurus hawa nu disebut pangapungan leuwih hade ngadaro'a heula sangkan urang lancar, salamet, sehat wal'afiat. Sababna boga galeuh maneuh jeung udagan. Penca teh ibarat dunya pinuh pikiraneun jeunb simbul. Kulantaran kitu pasrah (sumerah diri) ka Alloh, ngarupakeun hiji cara anu kacida mujarabnan ibarat obat pikeun katengtreman hate. Ieu do'a anu salamina diaos ku kanjeng nabi SAW waktos mayunan rupi-rupi karerepet.

Hartina : Nun Gusti teu aya anu gampil iwal ti naon-naon anu parantos dijantenkeun gampil. Anjeun anu parantos ngajantenkeun leuweung janten tanah datar upami Anjeun mikapalay.

Kulantaran kita urang kudu :

Deukeut ka Alloh jeung RasulNa

Migawe amal anu sholeh.

Nya kitu deui samemeh prung diajar jurus hawa tea perlu ditambahan ku maca shalawat, memang teu aya gantar kakaitan antara doa jeung jurus. Ari doa mah langsung ka Alloh, ari jurus mah apan buatan manusa ceuk basa walanda mah disebutna GYMNASTIC, ngarah awak sehat, ngaji jejem, digawe getol, diajar suhud (junun), badan seger, rancinges, jauh tina panyakit, lain ?!!. Ari jurusna ngolah hawa, kaluar asupna diatur, sedot ku irung kaluar tina sungut. Shalawatna baca dina hate bari sila, sirah tungkul ajrih ka Alloh SWT.

Naha cenah make kudu ngado'a jeung dzikir sagala ?, penca mah penca wae teu kudu make nanaon !.

Kieu caritana mah, sabada sholat isya' barudak ngaji teh sok langsung baralik, nya kapaksa dicandet barudak teh sina ngadoa heula. Sabab biasa tos isya' teh rek terus diajar olah salira, inggis ku bisi barudak ngora, sieun menta kanu lain-lain salian ti Alloh. Loba conto lantaran hayang jadi oah, terus nyambat embah, eyang karuhun, caringin gede, kuburan karamat, puasa 40 poe, tapa di guha, matigeni, mutiih lain ayat nu dibaca tapi jangjawokan nu teu kaharti nu dipuhit.

Lantaran sieun nyaliwang kudu ngadoa heula teh nu dipamrih sangkan inget jeung eling yen menta pitulung salian ti Alloh eta pohara salahna. Ieu teh hiji usaha pradaksinapata ti kolot, supaya barudak diajar tileuleutik mung ka Alloh urang muntang jeung menta pitulung.

Ari kasangtukangna ngadoa apan aya parentahna, nyaeta dina surat Al Mu'min ayat 60 jeung surat Al Baqoroh 186. Doa teh ngarupakeun ihtiar manusa supaya ulah poho pikeun inget ka Alloh, tempo dina surat Al An'am 43. Ari ngalaksanakeuna kudu depe-depe kalawan isin ku Alloh, tempo dina surat Al Araaf 55.
sumber : soulcast

  • Digg
  • Del.icio.us
  • StumbleUpon
  • Reddit
  • RSS